Sabtu, 21 Februari 2009

Selasa, 10 Februari 2009

Pimpinan Jayakarta (Sunda Kelapa)

Fatahillah (Pangeran Jayakarta I) (kirang langkung Taun 1538an)  diteraskeun ku Ki Gedeng Angke (Pangeran Jayakarta II) (Kirang langkung Taun 1568an), diteraskeun deui ku  Pangeran Sungrasa Jiwakrama (Pangeran Jayakarta III) (Kirang langkung Taun 1580 an dugi 1595) diteruskan deui ku Pangeran Ahmad Djakerta (Pangeran Jayakarta IV) (Taun 1595-1655an), diteraskeun ku Pangeran Padmanegara (Pangeran Jayakarta V)(Kirang langkung Taun 1655 - 1700 an), diteraskeun deui ku Pangeran Surya (Pangeran Jayakarta VI) (Kirang langkung Taun 1700-1740 an), diteraskeun deui ku Tb. Muhamad Abu (Pangeran Jayakarta VII)(Kirang langkung taun 1740 - 1780 an), diteraskeun deui ku Tb. Abdurrohman (1780 an dugi 1815an), diterskeun deui ku Tb. Imbron (Pangeran Jayakarta VIII)(kirang langkung Taun 1815 an dugi Tahun 1850), diteraskeun deui ku Tb. Aria kosim (Pangeran Jayakarta IX) (Tahun 1850 dugi Tahun 1875, waktos dipimpin ku Tb. Aria Kosim,  Jayakarta/Jatinegara Kaum dikantunkeun, hijrah ke Cianjur, muka sawah sareng kebon 400 ha sareng balad anu satia. Tb. Aria kosim gaduh turunan ku gelar Ateng diantawisna Ateng Kosim (1875-1895) nu diteraskeun ku Ateng Sehabudin (1895-1915), salajengna gelar Ateng teh dirobih ku gelar Raden, panerasna nyaeta 3 putra, Raden Sulaeman, Raden Djamhari, Raden Said (1920-1946), Mung dina tahun 1949 bumi nu dilinggihan panerasna sareng dokumen-dokumen Pangeran Jayakarta aya nu ngadaruruk, rupina mah baraya sakokocoran keneh sugan!, supados dokumen wilayah kakawasaan pangeran Jayakarta di Jatinegara musnah, tungtungna mah diaraku bae, diantawisna ku Pemda DKI Jakarta. Tah Lalakon Jayakarta mah mung sakitu. Mung sumanget Jayakarta kana  KABENERAN, KAADILAN JEUNG KAJUJURAN bari ngadeugkeun Agama Allah, ulah LEUNGIT atuh ti Jakarta. Pamimpina kudu boga watak Jayakarta, lamun heunteu boga watak eta bari alalingkar tina jalan Allah, mugi-mugi bae saralamet urang jakarta teh, ulah keuna kana musibah. Amin!

Wassalam

Hirup Sumanget Jayakarta!!